Sabtu, 22 Maret 2014

Carita urang sunda

Carita urang sunda

PEUYEUM
Oji :“ Mang, sabaraha sakintalna peuyeum teh ?“
Tk Peuyeum : “Upami seueurmah wios lah dimirahkeun. Bade
sabarah kintal kitu peryogina ?”
Oji : “ Ah meser wae sagelempeng mah, kangge nu nyiram”.
Tk Peuyeum :“ Kop we nyokot kadinya………..sakalian
tambahan hiji keur mopok beungeut maneh !”
MEREK ROKO
Dina jaman pendudukan Nice, aya pambagian roko sigaret
merek HW ( High Way). Kusabab rada bau disebut we rokok
HW-teh nayaeta Hitut Walada.
JAJAMU
Dokter :” Sudah berapa hari Bapak tidak bisa kencing?”
Asnawi :” Tilu dinten, dok”.
Dokter :” Makanan apa yang bapak makan sebelumnya?”
Asnawi :“ Anu dok.........Eu......jamu sari rapet“.
Dokter :“ Pantesan, rapet teuing meren!“
NEANGAN MUATAN
Kuring : “ Nanaonan ieu the, Nek. Ongkoh beus Bandung-
Jakarta. Naha kuringteh dibawa katask?“.
Kenek :“Sabar, Cep.....bade milarian heula muatan!“
Kuring :“Sugan geeeelo !“
NINI UTI
Kusabab hanyang ngora, teu talangke dei Nini Uti meuli
jajamu awet muda saratus bungkus. Kulantaran hayang
gancang karasa hasilna, jajamu nusaratus bungkus the diinum
disakalikeun. Na da etamah Nini Uti ngadadak jadi orok.
Sabab ngora teuing da nginum jajamu awet mudana teu make
aturan. Ayena Nini Uti keur diajar haohakeng bari dibedong ku
Aki Abdul.
TALEUS
Kabayan :”Teung ari maneh geus apal cara ngadahar taleus,
ngarah teu ateul ?”
Iteung :”Gampang, Kang. Beuti taleus dipesek, tuluy dikumbah
geutahna sing beresih, tuktuy seupan. Moal ateul geura”.
Kabayan :’Hese kitumah, Teung ! nu babarimah……..memeh
didahar, garoan heula taleusna!”.
bodor sunda lucu unik
TARUCING
Adang :”Buah naon anu dimimitian kuhuruf A, B, C, D, E, F, G
jeung huruf H ?”
Agus :”Moal aya atuh. Dina ayana oge tangtu buah anu
aheng”,
Adang : “heug atu, bisi can nyaho mah ku kukring dibejaan,
nyaeta :
A : Anggur
B : Bener nya anggur
C : Ceuk uingge anggur
D : Da anggur
E : Eta teh anggur
F : Fan anggur
G : Goblog ceuk kuring anggur
H : Heueuh nya anggur.
SEMAH
Semah : “Puntn, araya kitu nya?”
Pribumi : “Aeh, araya, mangga kalebet !”
Semah : “Bade tumaros, ari bumina Pa Ibroteh ieu kitu?”
Pribumi : “Sumuhun, aya kaperyogian naon kitu?”
Semah : “Ah, teu aya nanaon, mung hoyong terang bae
rupana saderek Ibro the, hideng gening nya rupa Bapa the!”
Pribumi : “Ontohod the siah………….!”
OJEG
Tk Ojeg : “Nu biasa we duarebu limaratus!”
Endul : “Boga duitna ngan sarebu”
Tk Ojeg : “Sok we numpak karunya!”
Ojeg maju, den Endul anjecle dibonceng. Barang rek eureun,
jedak. Ojeg nabrak tangkal kalpa.
Endul : “Sing bener atuh, maenya eureun teh ditabrakeun
kieu?”
Tk Ojeg : “Hampura Endul, mayar sarebueun mah teu
diereman!”
Endul : “Beu…………………..!”
AKAR
Guru : “Yu, aya jamu kuat ?”
Tk Jamu : “Aya, Pa. Malih ieu mah husus keur barudak sakola
anu kurang daya nangkeupna dina Pelajaran Matematka “.
Guru : “Cik, cik, cik, tina naon ramuanna?”
Tk Jamu : “Smai we tina akar-akaran. Namun ieu mah
diramuna tina ramuan akar kuadrat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.